Dina Hening
“Dina Hening”
Aranjeun
jeung dunya aranjeun, kuring jeung dunya kuring. Mindeng. Eta sabab naha
kuring teu kungsi percaya kanu ngarana “sobat”.
Kecap “sobat” kawas nu leungit ti kahirupan kuring kalayan nyacasna cihujan nu
ngahapus tapak lengkah “aranjeunna” harita. Sabada eta dunya teu kungsi
nyadiakeun deui “sobat” keur kuring.
Hening.
Ceuk batur “hening” mah teu kudu nyorangan. Puguh atuh, cik saha anu hoyong
hirup nyorangan? taya batur, taya nu maturan. Tapi kitu sajatina. Teuing kuring
anu teu kungsi bisa mukakeun hate keur batur, atawa baturna nu embung mukakeun
hate keur kuring.
“Sobat”,
bet ras inget ka jaman ka tukang, harita kuring teu boga babaturan. Euweuh
sabab musababna batur sakelas ngamusuhan. Mangtaun-taun, nepi datang “aranjeunna”,
aranjeunna teh Lala, Ika jeung Asep. Aranjeunna daek, rela, ikhlas dimusuh,
diasingkeun ku sababaturan di kelas. Can kungsi kuring nguping aranjeunna
ngeluh atawa gegelendeng salila babarengan jeung kuring. Aranjeunna kalah mah
nyarita,”Tong sieun, kuring sarerea bakal aya pikeun Inda”. Kuring kagagas,
reumbay bari jeung gimir, sok sieun ieu teh ngan ngimpi wungkul. Tapi hate
leutik kuring yakin pisan aranjeunna teh tulus jadi babaturan kuring, lain
sabab karunya.
Kahadiran
aranjeunna di sapopoena kuring, ngajadikeun sapopoena kuring kalayan penting
pisan. Kuring bungah bisa wanoh jeung aranjeunna. Tapi kabungah eta teu mindeng
lila, sabab sataun sabada eta, Kuring, Ika jeung Asep kudu ikhlas ngaleupas Lala
nu ingkah ka Bandung ngilu jeung Bapana anu nampa surat dinas ka Bandung salaku
PNS. Geus tangtu ingkahna Lala ninggalkeun kasedih di hate kuring, Ika jeung
Asep.
Can
mangsa sataun, can reup kasedih hate, Ika tilar dunya. Kasedih nyosok jero na hate, singhoreng “hening” anu datang ti batur teh leuwih nyeri tibatan “hening” anu datang sosoranganan.
Ti mangsa harita kayakinan kuring kalayan rasa mibanda teh kawit reueuk. Kuring
jeung Asep sok babarengan keneh, malah nepi kuring jeung Asep nincak bangku
SMA. Tapi lain kabungah nu aya, kuring terus-terusan gimir, honcewang. Nepi
datangna poe eta.
Harita
kuring narima beja yen Asep teh kacilakaan. Loba SMS anu asup, leuwih ti
sapuluh mah meureun. Sakabehna nanyakeun perkara eta, bener teu? Kitu cenah.
Ngan ku kuring rada teu dianggap, sabab kuring teu percaya. Ah paling heureuy, pikir kuring teh. Percaya
soteh pas aya Pun Biang nelepon, ngabejaan yen Asep asup rumah sakit Gunung
Jati Cirebon. Kuring ngarenghap. Naha ieu teh bener? Masih keneh can percaya.
Clak,
clak, cipanon ngucur. Harita keneh kuring ingkah ka Cirebon, dianteur ku Nina,
batur sabangku kuring, kabeneran manehna nyaho perkara “sobat-sobat” kuring.
Kuring ingkah make motor, Nina anu nyetir, manehna honcewang lamun kuring anu
nyetir mah cenah. Teu nepi ka 30 menitan kuring jeung Nina nepi ka tujuan.
Sanepina
kuring gancang lumpat ka UGD, sabab ceuk
beja Asep teh asup ruang UGD, tapi
UGD kosong molompong. Asep geus di pindahkeun ka ruang rawat. Nina ingkah ka resepsionis nanyakeun ruang rawat Asep,
sanggeusna kuring jeung Nina kuralang-kuriling neang eta ruangan tapi teu panggih-panggih.
Kuring cape, putus asa. Tapi Nina nguatkeun, “Ngan kitu pangorbanan sobat teh?” Pok na. Kuring imut, kuring jeung
Nina nguriling deui, nepi ahirna kapanggih ruangan eta.
Aya
Ceu Ida jeung Kang Dodi keur calik na bangku hareupeun panto ruangan. “Kumaha Ceu?” tanya kuring ka Ceu Ida.”Alhamdulillah operasina lancar Nda, ngan
pedah can sadar ti tadi.” Pok na bari reumbay. Kuring ngilu reumbay, bari
leos rek asup ka jero. Tapi lengkah teu ngalangkah, ngantep di lawang panto.
Katempo di jero aya batur keur diuk sagigireun ranjang, istri, geulis, make
jilbab sarua jeung kuring. Keur ngusapan salira anu ngalempreh di hareupeuna. Rarasaan
mah aya nu nyeseb ka hate, teuing naon eta teh, padahal peso euweuh, pedang
komo. Nyeri, bet ras tiiseun pisan hate teh. Cipanon beuki rembay na pipi.
Gubrak teh ngolesad awak na teras, leuleus. Pantes ceuk pikir sikap Asep teh
rada robah. Sakapeung siga nu ngajauh. Ieu jawabana. Dunyana geus kabagi, lain
ngan kuring bae. Naon kuring? Saha kuring? Teu sadar ceurik teh beuki tarik.
Nina
ngahudangkeun siga nu ngarti, tuluy ngagenjang nepi kuring diuk na bangku.
Kuring ceurik leupas na pangkonana. Ceu Ida ngareupreup. Tapi kuring teu kungsi
eureun.
Ya
Allah...
Naha
bet harianeun? Naha teu ngraoskeun?
Ieu
hate nu tiiseun. Sakuduna kuring sadar
ti
baheula oge hirup kuring mah “dina hening”.
Pok kuring na hate bari
reumbay.
Komentar
Posting Komentar