Pancen Biantara "Tumut Ka Sepuh"

Bismillahirohmanirrohim,
Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh,
Alhamdulillahirobbil’alamin,
Pujining ati anu wening, mangga urang sami-sami dugikeun ka Dzat Illahi Robbi. Sembahing sukma anu setra, unggal napas urang sanggakeun ka Dzat Alloh Subhanahu Wata’ala. Alloh anu Maha Luhur, Alloh anu Maha Kawasa, luhur anu henteu ka wengku ku usum, kawasa anu teu kasengker ku wates, sadaya makhluk aya dina cecepengana-Na.
Sholawat sinareng salam, rahmat miwah kawilujeungan mugia ngocor salamina ka junjungan urang Kanjeng Nabi Muhammad Sollallohu Alaihi Wassalam, teu ka kantun ka kulawargina, shohabatna, miwah ka urang sadaya umatna anu saratia. Amin
Ibu guru pangaping Basa Sunda anu lenggah kalih ingkang rerencangan sapuluh opat anu ku sim kuring dipiasih. Dina kasempetan ieu sim kuring bade ngadugikeun jejer  biantara “Tumut Ka Sepuh”.
Di jaman Rosululloh Sollallohu Alaihi Wassalam, salah saurang shohabat dumeuheus ka Rosululloh, kalayan buleud patekadan seja nampa jeung narima ajaran-ajaran Islam salaku hiji ajaran jeung hiji agama anu hak di payuneun Alloh swt. sajaba eta shohabat ngagaduhan hiji tujuan anu mulya nya eta jihad fisabilillah sasarengan sareng Rosululloh nanjeurkeun agama Alloh. Cacakan eta shohabat dumeuheus ti tempat anu nyingkur kalayan tekad anu buleud, seja ngabela agama Alloh.
Rosululloh masih keneh tumaros : “Naha hidep datang teh rek ikrar ngabela agama Alloh, atawa neangan ka masyhuran katut popularitas atawa nyuprih karidloan Alloh?”
Shohabat eta ngawaler : “Sim kuring mios ti rorompok seja milari pahala ti Alloh, nun Rosululloh.”
Rosululloh tumaros deui : “Naha hidep masih keneh boga indung bapa atawa salah sahijina?”
Shohabat eta ngawaler : “Kantenan Rosululloh. sepuh abdi masih keneh aya duanana.”
Rosululloh ngadawuh : “Lamun mah hidep rek nyuprih ridlo Alloh kami rek marentahkeun; Hidep kudu balik ka indung bapa, tuluy kudu nyieun kahadean ka duanana.”
Hadirin nu mugia dimulyakeun ku Alloh
Rupina Rosululloh parantos kenging wahyu ti Alloh yen ieu shohabat teh teu acan sempet midamel kasaean ka ibu ramana sacara sampurna. Sumangetna anu kalintang ageungna ditunda, ku sabab dianggap teu acan sampurna imanna hiji jalma sateacan tiasa babakti ka ibu ramana. Katerangan anu nembe ngeceskeun yen ridlo Alloh aya dina ridlo indung bapa.
Dosa ka sepuh, numutkeun ajaran Islam di anggap Akbarul kabair, dosa anu paling gede diantara dosa-dosa anu garede. Sacara garis badag, aya opat tatakrama anu kedah dikanyahokeun ku urang salaku muslim :
1.      Taat ka aranjeunna tina parentah sareng larangannana, satungtung parentah sareng larangan eta henteu ditujukeun pikeun maksiat.
2.      Ngahormat ka aranjeunna, nyakup handap asor ngamulyakeun ku sikep jeung ku perbuatan.
3.      Nyieun sae ka aranjeunna teh kudu loyog jeung kamampuhan.
4.      Silaturahim, atanapi nepungkeun babarayaan.
Ngarupikeun amal anu moal pegat nepi ka alam akherat nyaeta du’a hiji putra ka ibu ramana. Ku kituna sumangga urang sami-sami ngadu’a sakumaha du’a anu parantos di ajarkeun Alloh dina Al-Qur’an
Ya Alloh mugi Gusti ngahapunten, kana dosa abdi jeung kana dosa ibu bapa abdi. Sareng mugi mikanyaah Gusti ka aranjeunna, sakumaha aranjeunna tos ngarawatan ka abdi ti leletik
Hadirin nu mugia dimulyakeun ku Alloh
Rupina sakitu anu kapihatur. Bobo sapanon carang sapakan. langkung saur bahe carek, neda agung tawakuf. Billahhi taufik walhidayah, Wassalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.

Komentar

Postingan Populer