Nuliskeun deui jeung ngomentaran siaran Radio/Televisi Waktos siaran : Minggu, 14 Agustus 2011 Ngaran Radio : Radio PNK 107,3 FM Acara : Lembur Kuring Penyiar : Teh Isya



 “Lembur Kuring”

Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh…
Wilujeung siang, wilujeung tepang dangu dina acara Lembur Kuring, dinu wanda-wanda pop sunda. Salami 60 menit kapayun urang sasarengan ngadangukeun di Radio PNK 107,3 FM semua pasti suka !
Sasarengan sareng Isya di dieu urang medarkeun Tritangtu Lir Jati Sunda. Saleresna  ieu teh tina bahasa Aksara Sunda tapi parantos dihartoskeun kana bahasa urang nya! Kawitan kumedarkeun anu namina “Rama”, yen Rama teh kiprahna manusa anu pang hadena, lir jalma anu ngagaduhan elmu nepi katingkatan anu pang luhurna. Eta oge jaman bakila, kiwari jeung jaga deui teuing aya teuing henteuna,tapi nu penting kuer urang urang mah prak wae jalanan anu bisa kabadanan nya! Sugan wae bisa jadi rama-rama laleutik kitu nya! Apan laleutik oge ari rampak salira mah bakal jadi tanaga nu rongkah. Sugan jeung sugan deui ari rampak babareungan mah urang bisa jadi Rama lain bae keur Ki Sunda sorangan tapi keur bangsa-bangsa sejen anu mikatineung karaharjaan Buana Panca Tengah.
Tah pencinta PNK dijaman kiwari mah kitu nya! Tong boro nu anom, anu sepuh nu anom oge komo deui dijaman kiwari mah pencinta PNK nya! Kadang tawis paseueur-seueur saur tapi dina cara tur cumarios disikap teu nawiskeun kadewasaan.
Mangga pencinta PNK nubade ngiring ngarojong diantos SMS na di 085316060106 mangga wilujeung siang, wilujeung ngadangukeun! [ .. ]
Teu karaos geuning nya pencinta PNK waktos tos nyerelek wae, kitu nya! Ayeuna tos 30 menit, aya waktos 30 menit kapayun sasarengan dina acara Lembur Kuring dinu wanda-wanda pop sunda.
Salajengna hidep pindah ka “Resi”, ari nu disebut Resi pecinta PNK nya eta manusa anu masrahkeun diri sagemblengna hirupna keur Gusti Nu Maha Kawasa, dina sagala rasa pikeun ucap lampah estuning diniatan kacercahan kunyumponan kahoyong Anu Kawasa. Pancenna nya eta ngageuingkeun balarea sangkan eling, nyaho kadirina, timana asalna, keur  naon aya di dunya jeung kamana pangbalikanana. Nya Resi oge anu kudu mangku amanah nunjukeun jalan kabalarea yen sakabeh usik malikna manusa di dunya taya deui tujuanana iwal ngabaktikeun diri kanu Kagungan. Eta bakti teh teu ka ukur kuwates tur pancen masing-masing rek ratu, rek kaula, rek menak, rek kumaha wae wajib merenahkeun diri di Dzat Anjeuna. Mangka urang bakal meunang panangtayungan salawasna boh di alam pawenangan boh di alam pangbalikanana. Beuki rosa ikhtiar urang ka Anjeuna, beuki pageuh oge anjeuna ngeukeupan urang. Sabar ku sabar alon tapi pasti sikap batin anu ngajadikeun urang Resi keur diri sorangan. Ari geus kitu mah dina waktuna pasti jadi Resi keur saha bae.
Pencinta PNK ari pasipatan Resti anu maneuh dina diri nya eta rumasa deukeut jeung Anjeuna salawasna beresih rasa, pikir, ucap jeung lampah. Hirup hurip teu gumantung ka dunya barana, tapi beunghar ku elmuna. Kembat menta pangampura sabab manusa teu bisa leupas tina condeka, teu weleh tumarima da rumasa manusa teu leupas tinikmat Anjeunna.
Resi nu sajati teu kawates ku ajen kamanusaan, sabab kaluhungna teh mangrupi inti-inti sadaya kaagamaan. Hartina tiasa bae Resi teh hiji agama anu tangtu, tapi bisa oge nempatkeun diri dina ngabeneran anu tangtu dina agama naon bae. Jadi moal aya nu disebut Panatisme nu aya teh rukun sauyunan diantara umat beragama.
Pencinta PNK wilujeung siang, wilujeung mancen pagawean panginteun aya nu teu acan rengse padamelanana mugi sing sarumanget kana kagiatan urang sadaya. Sareng nu karempel di bumi sareng kulawargi mugi pinanggih sareng kabingahan. [ .. ]
Tos ngalangkungan 45 menit janten kintun 15 menit deui kapayun. Urang lajeung ka SMS anu dongkapna ti 596 :
“Wilujeung siang ieu ti kanjeng mamih ti sukasari…”
“Haturan wilujeung enjing deui mudah-mudahan aya dina kawilujeungan.”
“Salamna kanggo pencinta PNK sadaya sareng anu mancen tugas. Mamih nuhunkeun kawihna Papatong…”
“Aduh hapunten Mamih papatong teh tadi parantos dipidangkeun mangga atuh bade kunaon digentosna bilih bade nuhunkeun diantos SMSna.”
“Mangga teu langkung kumaha Teh Isya wae.”
“Aduh mangga atuh Mamih di antosnya!”
Pamiarsa kaum dangu sadaya waktosna teu nyekapkeun dina acara Lembur Kuring dina radio PNK semua pasti suka! Ngahatur nuhunkeun tos ngiring ngarojong hapunten bilih aya kalepatan. Wilujeung kantun tepang deui sanes waktos di 107,3 FM radio PNK.

Tanggapan>>
·        Kaunggulan eusi            :
Mere nyaho ka urang sagala ka inohongan anu aya di Tatar Pasundan.
·        Kahengkeran eusi         :
Ngagunakeun basa Sunda anu henteu loma di paker sapopoena. Jadi, seueur kecap-kecap anu teu kahartos hartina.
·        Komentar basa :
Basa anu digunakeun alus, sabab ngagunakeun basa sunda anu lemes pisan, sauyunan jeung Undak Usuk Basa Sunda.

Komentar

Postingan Populer